Kelompok 1

 Festival Budaya 


  Féstival Budaya téh acara anu diselenggarakeun pikeun ngarayakeun jeung ngamajukeun warisan budaya, tradisi, jeung seni ti hiji komunitas, daérah, atawa nagara. Féstival ieu biasana ngalibatkeun rupa-rupa kagiatan saperti pagelaran seni musik, seni tari, paméran kerajinan tangan, inovasi téknologi, jeung kulinér khas daérah.

  Nyiapkeun Féstival Budaya merlukeun perencanaan taliti sangkan acara lumangsung kalawan lancar. Tahap kahiji nyaéta nangtukeun konsép anu pas, biasana témana mah ditangtukeun ku sakola. Rupa-rupa kagiatan dilaksanakeun, bisa mangrupa pintonan kasenian saperti kabarét kelas 10, pintonan Sisingaan semester 2, jeung pameran di kelas 11. Koordinasi jeung loba pihak, saperti wali kelas, pingpinan siswa, anggota divisi, jeung siswa téh penting dina prosés ieu. Tempat stand disusun luyu jeung kabutuhan panggung jeung tempat panongton. Panitia acara ogé nyiapkeun anggaran pikeun sagala rupa alat anu diperyogikeun. Promosi sareng publikasi mangrupikeun léngkah penting salajengna, sapertos promosi produk ti kelas 11 anu diunggah ka Instagram kalayan harga anu langkung mirah tibatan dina stand. Persiapan-persiapan teknis, sapertos peralatan stand, sound system kanggo pagelaran, sareng tim dokumentasi oge kedah dipastikeun supados acarana lancar. Fasilitas kanyamanan pikeun pangunjung ogé disiapkeun. Tina sudut pandang logistik, sakola nyayogikeun fasilitas pendukung sapertos tenda atawa stand. Sahari saméméh acara Féstival Budaya teh unggal kelas latihan babarengan jeung latihan pakéan pikeun ngantisipasi masalah teknis jeung logistik. Saatos Féstival Budaya réngsé, évaluasi pasca acara dilaksanakeun pikeun meunteun kasuksésan sareg hasil kerja unggal kelas. 

  Dina nyiapkeun Féstival Budaya, diperlukeun rupa-rupa perlengkapan penting. Dekorasi sapertos lampion, banner, gergaji, palu, paku, hamplas, papan, kai, cat, jeung kain hias bakal ngajadikeun suasana acara langkung éndah. Kostum tradisional jeung aksésoris khas budaya jadi unsur utama dina penampilan peserta. Saterusna, kerajinan tangan jeung kadaharan tradisional ogé kudu disiapkeun pikeun nambahkeun pangalaman para pangunjung.

  Dina Féstival Budaya kelas 10 saméster 1, Sapat milih téma Jawa Timur. Konsep stand ngandung unsur budaya Jawa Timur saperti wayang-wayangan jeung hiasan bambu anu nambahkeun kesan tradisional Jawa Timur. Sapat ogé milih menu bakso malang pikeun dijual ka para pangunjung anu datang. Sapat ogé nampilkeun pagelaran kabaret anu di jerona aya penampilan tari tradisional jeung nyanyi lagu daérah Jawa Timur. Konsep anu dipilih dina Féstival Budaya kelas 10 saméster 2 nyaéta Subang. Stand dihias ku nuansa coklat emas jeung dihias nanas anu jadi ciri khas ti daérah Subang. Dina Féstival Budaya ieu, Sapat nampilkeun "Sisingaan" nyaéta adat tradisional ti Subang. Dina kelas 11 saméster 1 téma na nyaéta "Sapat Exhibition 4.0". Nampilkeun produk-produk anu diciptakeun ku barudak Sapat jeung konsep stand saperti pameran ilmuwan. Sadaya barudak Sapat ogé make jas lab saperti ilmuwan.



  Aya sababaraha pencapaian anu tos Sapat raih dina Féstival Budaya:

1. Dina saméster kahiji kelas 10, téma anu diusung pikeun Féstival Budaya nyaéta “Bersatu Bangun Bangsa Melestarikan Keberagaman Budaya Nusantara”. Sapat dihargaan minangka PENAMPILAN TERBAIK. 

2. Dina saméster kadua kelas 10, Féstival Budaya deui diayakeun ku pihak sakola kalayan téma “Celebrating Diversity – Embracing Creativity Melalui Festival Budaya Internasional dan Kearifan Lokal”. Sapat deui meunang apresiasi minangka PENAMPILAN TERFAVORIT. 

3. Dina kelas 11 saméster kahiji, Féstival Budaya deui diayakeun kalayan téma “Explore The Potency, Embracing The Creativity”. Sapat deui nampi penghargaan salaku STAND TERBAIK. 

4. Dina kelas 11 semester kadua, mangrupakeun Féstival Budaya terakhir pikeun Angkatan 17 di SMAN 2 Padalarang. Témané nyaéta “Merayakan Keanekaragaman Budaya dan Inovasi di Era Globalisasi”. Sapat deui meunang apresiasi minangka STAND TERBAIK.

  Kasuksésan Sapat dina opat pagelaran Féstival Budaya jadi sorotan seueur jalma. Féstival Budaya kahiji, jadi taun kahiji nami Sapat naék sareng mencolok kalayan penampilan kabaret jeung Sisingaanna. Dina Féstival Budaya taun kadua kalayan téma Inovasi jeung Téknologi, Sapat deui nembongkeun kreativitasna dina nyieun stand kalayan téma museum sareng spa. Kasuksésanana salawasna ikonik dugi ka Sapat meunang julukan “DNA FesBud” atawa DNA Féstival Budaya. “Kelas séjén hebat pisan, tapi DNA FesBuD aya di Sapat” ceuk Binar salaku Ketua Murid (KM) XII-4 nalika ngarayakeun kameunangan kaopatna di Féstival Budaya tanggal 20 Juni 2024.


“Pemborong penghargaan, bikin batur teu kebagian” tanggapan Rissa, siswi kelas XI-6 nalika ditanya ngeunaan Sapat sareng Féstival Budaya. Elsa kelas XI-6 ogé nambahkeun yén anjeunna kagum sareng tatanya “kunaon kelas XII-4 salawasna tiasa masihan hasil anu alus unggal pagelaran Féstival Budaya?”. Kasuksésan Sapat dina Féstival Budaya teu leupas tina kreativitas siswa dina ngembangkeun ide pikeun kawujud kalayan sae. “Sapat emang spesialisasinya FESBUD, makanya menang terus” ceuk Elsya. Salian ti kreativitas siswa, kasuksésan Sapat dina Féstival Budaya ogé kudu dihubungkeun sareng kerjasama tim ti sadaya siswa sareng rasa teu lepas tangan dina tugasna anu ngajadikeun Sapat salawasna ngahasileun karya anu memukau di Féstival Budaya. “Anu bisa katiten téh rempegna barudak tina gawé bareng, masing-masing boga cecepeng anu pasti, jadi teu pa andel-andel, boga konsép anu bisa disaluyukeun ti saluyuna, anu katilu tiasa ngajaga kabersihan sareng katertiban salami acara Féstival Budaya” tanggapan Pa Andi, guru Basa Sunda sarta ketua pelaksana Féstival Budaya


Anggota kelompok :

Najmah

Elma

Salma

Dzulfah

Binar

Bagas N

Komentar

  1. 1.Féstival Budaya téh acara anu diselenggarakeun pikeun ngarayakeun jeung ngamajukeun warisan budaya, tradisi, jeung seni ti hiji komunitas, daérah, atawa nagara. Féstival ieu biasana ngalibatkeun rupa-rupa kagiatan saperti pagelaran seni musik, seni tari, paméran kerajinan tangan, inovasi téknologi, jeung kulinér khas daérah.

    2.kabahasaan masi ada yang indonesia
    3.lebih meningkatkan kebahasaan
    4.90
    5.zalvatira p.j

    BalasHapus
  2. 1. Fakta nu aya dina artikel ieu n
    yaèta Féstival Budaya anu diselenggarakeun pikeun ngarayakeun jeung ngamajukeun warisan budaya, tradisi, jeung seni ti hiji komunitas, daérah, atawa nagara. Féstival ieu biasana ngalibatkeun rupa-rupa kagiatan saperti pagelaran seni musik, seni tari, paméran kerajinan tangan, inovasi téknologi, jeung kulinér khas daérah.

    2. Aya salah tina penulisan nyaèta "pameran", "tenda" kedah na "pamèran", "tènda.

    3. Saran ti abi nyaèta lewih taliti tina penulisan "è"

    4. 93

    5. Ajeng Yuliani

    BalasHapus
  3. 1. Dina Féstival Budaya ieu, Sapat nampilkeun "Sisingaan" nyaéta adat tradisional ti Subang. Dina kelas 11 saméster 1 téma na nyaéta "Sapat Exhibition 4.0". Nampilkeun produk-produk anu diciptakeun ku barudak Sapat jeung konsep stand saperti pameran ilmuwan. Sadaya barudak Sapat ogé make jas lab saperti ilmuwan.
    2. Ngangge keneh bahasa Indonesia
    3. Di saeken dei kabahasaan na
    4. 95
    5. Azizah nur Alifia

    BalasHapus
  4. 1. Fakta anu kauger Dina artikel
    - sapat teh menang julukan sebagai DNA fesbud
    - sapat selalu juara lamun fesbud
    2. Kasalahan bahasa
    - Aya keneh kecap anu nganggo bahas Indonesia " bikin " kuduna " nyieun"
    3. Saran
    Kabahasaan na jeng panulisan na kedah leuwih di perhatikeun
    4. Nilai
    95
    5. Wasta
    Wina Widia Putri

    BalasHapus
  5. 1. Kelas Sapat (XII-4) meunang rupa-rupa pangajén saperti prestasi pangalusna, pagelaran favorit jeung stand pangalusna pikeun opat kali berturut-turut.
    2. aya salah tina penulisan nyaeta "sareg" kedah na "sareng"
    3. tina penulisan na kedah leuwih di perhatikeun deui
    4. 95
    5. Reyfha adiya irawan

    BalasHapus

Posting Komentar